Budaya Penca nyaeta mangrupa
ibingan atawa igel, hiji olahan gerak anu dumasar kana pokok jurus anu
ditabeuhan ku kendang penca atawa kacapi suling. Jurus-jurus eta direka jadi
ibingan anu make wirahma itungan 4, 5 jeung 7 ditungtungan ku goong anu disebut
kempul. Anu di maksud ibingan tepak tilu nyaeta ibingan anu ngagunakeun 4
gerakan ditungtungan ku goong (kempul), ibingan peleredan nyaeta ibingan 5
gerakan ditungtungan ku goong, ibingan tepak dua nyaeta ibingan 7 gerakan anu
ditungtungan ku goong.
Ibingan mangrupakeun kembang tina
jurus, kalawan diolah jadi gerak anu luyu jeung wirahma sarta gerakanana
ngandung simbul jurus anu katempona kacida alusna matak genah katempona, make
gerakan anu lemes jeung heuras kumaha perluna bae.
read more →

















