Kaidah Ibingan Penca

  • Diposting oleh Deni Priyatin
  • di 21.49 -
  • 0 komentar


Budaya Penca nyaeta mangrupa ibingan atawa igel, hiji olahan gerak anu dumasar kana pokok jurus anu ditabeuhan ku kendang penca atawa kacapi suling. Jurus-jurus eta direka jadi ibingan anu make wirahma itungan 4, 5 jeung 7 ditungtungan ku goong anu disebut kempul. Anu di maksud ibingan tepak tilu nyaeta ibingan anu ngagunakeun 4 gerakan ditungtungan ku goong (kempul), ibingan peleredan nyaeta ibingan 5 gerakan ditungtungan ku goong, ibingan tepak dua nyaeta ibingan 7 gerakan anu ditungtungan ku goong.
Ibingan mangrupakeun kembang tina jurus, kalawan diolah jadi gerak anu luyu jeung wirahma sarta gerakanana ngandung simbul jurus anu katempona kacida alusna matak genah katempona, make gerakan anu lemes jeung heuras kumaha perluna bae.

Ibingan anu hade kudu boga jalan carita anu luyu jeung kahirupan urang sunda buhun. Aturanana kudu :

1. Hormat heula, rengkuh, nandakeun yen urang teu boga niat goreng estu hayang silih pikanyaah, silih asah, silih asuh jeung sasama manusa. Musuh hiji loba teuing, sobat sarebu saeutik teuing. Sikepna rapetkeun dua leungeun dina dada jiga rek nyembah

2. Sikep jeung niat anu hade, hatena buleud gambaranana/kembangna :

3. Kuda-kuda anu panceg (teguh iman jeung niatna)

4. Pasangan anu pantes, sarta panon lempeng ka hareup (buleud hatena) nandakeun gede wawanenna.

5. Ngalaksanakeun pagawean naon ?...

Contona: ngala lauk ka laut.
                Gerakan ka hiji : ngadorong parahu ti darat ka laut (bisaku jurus Munding Rongga)
                Teruskeun neundeun parabot terus naek parahu
                Ngawelah ka tengah laut, pasang layar jeung sajabana.

6. Nahan goda atawa cobaan alam, contona ku angin jeung ku ombak anu gede, pek jieun jurus ibingan   anu cocok jeung pantes. Urang usaha satekah polah ngalawan eta halangan (cadu mundur pantang mulang), satiap gogoda kudu diperangan. Hasil atawa teu hasil gumantung kana pagawean urang, tabah jeung henteuna, sabar jeung tawekalna, iman jeung taqwana ka Alloh.

Pek jieun jurus saolah-olah urang ngalawan musuh anu nyata, anu hakekatna ngalawan syetan anu salawasna mangaruhan hate urang kana jalan anu goreng.

"Naha lain kami geus maparin pang wawadi kamaraneh yeuh anak incu Adam, supaya maraneh henteu aribadah ka setan? Saestuna setan teh musuh anu tetela pikeun maraneh" (QS Yasin 60).

7. Kagumbiraan digelarkeun dina padungdung anu dinyatakeun ku budi anu luhur, roman anu marahmay kusabab geus bisa nalukeun setan dina diri urang.

8. Salam akhir sarua jeung ngahormat dina no. 1 di luhur

Author

Written by Admin

Seorang tukang ulin

0 komentar: