Jurus Hawa Pangapungan



Samemeh ngalaksanakeun jurus hawa nu disebut pangapungan leuwih hade ngadaro'a heula sangkan urang lancar, salamet, sehat wal'afiat. Sababna boga galeuh maneuh jeung udagan. Penca teh ibarat dunya pinuh pikiraneun jeung simbul. Kulantaran kitu pasrah (sumerah diri) ka Alloh, ngarupakeun hiji cara anu kacida mujarabna ibarat obat pikeun katengtreman hate. Ieu do'a anu salamina diaos ku kanjeng nabi SAW waktos mayunan rupi-rupi karerepet.

Hartina : Nun Gusti teu aya anu gampil iwal ti naon-naon anu parantos dijantenkeun gampil. Anjeun anu parantos ngajantenkeun leuweung janten tanah datar upami Anjeun mikapalay.

Kulantaran kita urang kudu :
1. Deukeut ka Alloh jeung RasulNa
2. Migawe amal anu sholeh.

Nya kitu deui samemeh prung diajar jurus hawa tea perlu ditambahan ku maca shalawat, memang teu aya gantar kakaitan antara doa jeung jurus. Ari doa mah langsung ka Alloh, ari jurus mah apan buatan manusa ceuk basa walanda mah disebutna GYMNASTIC, ngarah awak sehat, ngaji jejem, digawe getol, diajar suhud (junun), badan seger, rancinges, jauh tina panyakit, lain ?!!. Ari jurusna ngolah hawa, kaluar asupna diatur, sedot ku irung kaluar tina sungut. Shalawatna baca dina hate bari sila, sirah tungkul ajrih ka Alloh SWT.

Naha cenah make kudu ngado'a jeung dzikir sagala ?, penca mah penca wae teu kudu make nanaon !.

Kieu caritana mah, sabada sholat isya' barudak ngaji teh sok langsung baralik, nya kapaksa dicandet barudak teh sina ngadoa heula. Sabab biasa tos isya' teh rek terus diajar olah salira, inggis ku bisi barudak ngora, sieun menta kanu lain-lain salian ti Alloh. Loba conto lantaran hayang jadi oah, terus nyambat embah, eyang karuhun, caringin gede, kuburan karamat, puasa 40 poe, tapa di guha, matigeni, mutiih lain ayat nu dibaca tapi jangjawokan nu teu kaharti nu dipuhit.

Lantaran sieun nyaliwang kudu ngadoa heula teh nu dipamrih sangkan inget jeung eling yen menta pitulung salian ti Alloh eta pohara salahna. Ieu teh hiji usaha pradaksinapata ti kolot, supaya barudak diajar tileuleutik mung ka Alloh urang muntang jeung menta pitulung.

Ari kasangtukangna ngadoa apan aya parentahna, nyaeta dina surat Al Mu'min ayat 60 jeung surat Al Baqoroh 186. Doa teh ngarupakeun ihtiar manusa supaya ulah poho pikeun inget ka Alloh, tempo dina surat Al An'am 43. Ari ngalaksanakeuna kudu depe-depe kalawan isin ku Alloh, tempo dina surat Al Araaf 55.

0 komentar: