MAEN PO ATAWA PENCA



Penca urang Sunda ngabogaan ciri anu mandiri anu aya pakuat pakaitna jeung tata cara hirup urang sunda sapopoe anu turun tumurun teu leupas tina Tata Titi Duduga Peryoga.

Tata = sireum, lamun papanggih jeung baturna sok patarema, leungeun sasalaman, silih tanya silih bantu jeung silih tulungan. Titi = titinggi, sifatna gotong royong, sanajan anakna gede tapi bisa maju (kaangkat) lantaran ditunjang ku sukuna anu rebuan sanajan bari jeung lemah. Duduga = Munding, sanajan tandukna baplang tapi nurut dibawa ku budak angon. Silibna elmu, sanajan datang ti budak ari matak manfaat jeung mawa kasalametan dunya akherat perlu dicokot/diturut. Peryoga = hap hap, lamun eunteup dina tangkal anu gede teu weleh dieundeuk eundeuk, bisi runtuh. Jadi sifatna salawasna waspada jeung ati-ati sarta tertib.

Kulantaran kitu nerap kana ulin Maen Po/Penca anu boga sifat Leuleus Jeujeur Liat Tali. Nyaeta Penca boga ciri :
  • Teu meunang ngagorowok, tapi kudu balem
  • Gerakna lemes, tapi merenah lamun perlu kakara make tanaga anu bedas
  • Tara ngadu tanaga; tapi ngagunakeun tanaga batur anu dimangfaatkeun pikeun nyinglar panarajang
  • Ngagunakeun kasaimbangan badan, tangtu teu perlu tempat anu lega
  • Tenang tara gurung gusuh, tapi tetep waspada, bari ngatur napas
  • Tajongan tara kaluhur teuing, cukup kahandap, lamun perlu kana beuteung atawa dada
  • Pasangan dicocokkeun jeung sikep lawan, gunakeun sikep leungeun deukeut jeung dada, lamun perlu meunang jauh tina awak saperti pasangan sero
  • Lamun lawan deukeut gunakeun kacepetan, sangkan keuna ka sasaran, bari sikep suku make kuda-kuda kasaimbangan anu beurat kahareup atawa katukang, kumaha kaperluanana nempo adeg-adeg lawan urang.
  • Teu meunang ujub jeung takabur boga rasa asa aing uyah kidul, tapi urang kudu inget "Hirup Darma Wawayangan" Nu Maha Kuat jeung Perkasa anging Alloh SWT.


Samemeh prak diajar ulin kudu bisa heula jurus dasarna anu poko nyaeta jurus gantung anu ngabogaan salapan jurus sing lancar. Lamun eta geus lancar, ayeuna kakara ngagarap rupa-rupa pasangan anu jumlahna aya 33 rupa. Pasangan teh bisa oge disebut jurus bubuka, pikeun mancing atawa nadah panarajang lawan, singketna hiji siasat anu geus kagambar bakal kumaha jeung rek kamana jalanna lawan urang.

0 komentar: