Jurus Nafas Asy-Syifa


Ieu jurus ngan tina pangalaman wungkul, jadi lamun dasarna pangaweruh elmu mah can katepi, estuning kamurahan ti nu Maha Kawasa wungkul.

Saperti jurus Syifa eta teh keur kasehatan jasmani jeung rohani, tapi ari secara pangaweruh elmu mah can kapesek sugan engke mah ku barudak turunan urang bisa dihartikeun anu leuwih jembar.

Jurus ka 1 :
Leungeun pasangkeun ka hareup duanana, dampalna tangkubkeun
Tarik kana palebah cangkeng sarta dampalna tangkarakeun (sedot nafas)
Dorong ka hareup, dampalna jiga waregu mekar sarta nafasna kaluarkeun.

Cara pasang kuda-kuda, suku katuhu ka hareup, terus kenca bari maju salapan lengkah terus malik pikeun jurus anu ka 2, ka 3 jeung saterusna.

Jurus ka 2 :
Leungeun pasangkeun ka hareup duanana dampalna nangkub
Duanana gerakeun kagigir (sedot nafas)
Duanana gerakeun ka tengah palebah bujal (nafas kaluarkeun).

Jurus ka 3 :
Leungeun pasangkeun ka hareup duanana dampalna nankub
Duanana gerakeun ka gigir (sedot nafas)
Gerakeun duanana ka tengah palebah bujal bari di tumpangkeun nu katuhu diluhureun kenca siga tanda perboden.

Jurus ka 4 :
Leungeun pasangkeun ka hareup duanan dampalna nagkub
Tarik duanana ka gigir sajajar jeung taktak (sedot nafas)
Angkat duanana nepi ka palebah jejebir dampalna lempeng ka hareup (nafas dikaluarkeun).

Jurus ka 5 :
Leungeun pasangkeun ka hareup duanana dampalna nangkub
Gerakeun duanana ka gigir jauh tina cangkeng dua kali
Nafasna di piceun palebah bujal.

Jurus ka 6 :
Leungeun pasangkeun ka hareup duanana, dampalna nangkub
Tarik ka palebah dada, dampalna nyanghareup kana dada
Dorong ka hareup (kawas mapag angin) nafasna dipiceun.

Jurus ka 7 :
Leungeun pasangkeun kahareup duanana, dampalna nangkub
Tarik ka palebah taktak, ramona nyanghareup ka tukang
Angkat ka palebah jejebir (nafas kaluarkeun) terus ka hareupkeun deui.

Jurus ka 8 :
Leungeun pasangkeun kahareup duanana, dampalna nangkub
Tarik ka gigir sajajar jeung taktak (sedot nafas)
Siku tarik ka palebah dada (nafas kaluarkeun).

Jurus ka 9 :
Leungeun pasangkeun kahareup duanana, dampalna nangkub
Tarik ka gigir terus puter-puter dua kali (sedot nafas)
Dampalna tarik ka palebah dada (siga pasangan alif tapi teu antel) nafas dikaluarkeun.

0 komentar: