Jurus pasangan atawa bubuka


Jumlahna aya 33 pasangan bubuka. Lamun disusun ti hiji ka salapan bisa ngajadi Jurus bubuka (pasangan), nyakitu deui ti sapuluh nepika dalapan welas, ti salapan welas nepi duapuluh tujuh, ti duapuluh dalapan nepi ka tilupuluh tilu. Jurus Bubuka teh nyaeta sikep mimiti pikeun ngajorag lawan anu tangtu loba cara pikeun ngarobah bubuka tea. Lolobana di Santika mah aya oge sikep anu muka, tapi eta oge ngan sakadar pamancing panarajang, kudu buru-buru dirapetkeun jeung awak. Sedengkeun sikep bubuka anu nutup pikeun nahan panarajang lawan.

Jurus bubuka bisa keur nahan panarajang, tapi nu penting keur muka panarajang urang ka lawan. Dina ngalakukeun jurus bubuka kade kuda-kuda anu panceg naha beurat ka tukang atawa ka hareup eta mah atur kumaha perluna bae, bari nempo kana sikep lawan. Dina sikep kuda-kuda tangtu kudu anu babari nyingcet nyingkahan atawa nakis panarajang musuh tapi ulah sakadar nyingcet tapi kudu malik ngabales singketna bari nyingcet tapi kudu malik ngabales narajang ka musuh. Ulah sakadar nyingcet bari ngantep musuh laluasa narajang urang.

Ku jurus bubuka lamun ditarajang urang bisa :

Nyinglar (nyingcet) bari males, nyiku, ngababuk
Nakis bari neke kana naon bae anu deukeut, neke persendian
Newak bari motongkeun atawa ngarojok beuheung
Ngabanting atawa ngabalangkeun bari nijek
Ngaragragkeun bari ngagebug hulu angen
Ngonci bari ngarikeskeun

Jurus bubuka lamun dipake narajang kudu keuna kana sasaran anu mamatihna, supaya lawan teu bisa budi deui. Lamun nonjok ulah balik polos tapi kudu barang bawa atawa ngarawel kana naon anu deukeut, lamun najong kudu disusul ku tonjokan anu tarik, jeblag mapag angin atawa jeblag waregu mekar.

Singketna dina penca mah aya dua perkara nyaeta :
Ngabela diri (nyinglar)
Narajang (ngatur panarajang)

Anu ditulis diluhur tadi eta sakadar aturan lamun rekdipake gelut, tapi apan kacida gorengna lamun tujuanana ka dinya. Ari anu dimaksud mah nyaeta ngajadikeun bangsa urang supaya loba pangaweruh jeng ngajadikeun hiji sikep anu sehat, percaya diri, iman/taqwa. Sakaligus kudu bisa nepikeun naon jati diri anu aya dina Penca, nyaeta jujur jeung nyaho kana sagala aturan-aturanna.

Pangaweruh Penca anu perlu dipibanda :

Kudu jujur sabab ieu apan gimnastik jeung boga jiwa satria
Kudu bisa ngandalian diri, gotong royong jeung taat

Saterusna geus diterangkeun dina catetan nu baheula jurus bubuka anu tilu puluh tilu tea, nyaeta:



Pasang Alif - Alif muka – Caladi - Maung Ocon - Hap-hap - Munding Rongga - Celeng Mogok – Puyuh – Dadali - Pasang Sero -  Pasang Belut
Cula Badak - Maung Lugay - Buaya Ngangsar -Tampele Meped - Tapak Jalak - Lancah Maung  - Sireum Kararangge - Pasang Tulak Panto - Bueuk Mabuk - Jalak Pengkor - Bendungan Karang
Galatik Manggut - Parahu Oleng - Ombak leutik - Uncal Mabur - Simeut Gobang - Maung Ranggah – pasang langgir - Muncang Gindi - Tapak Liman - Paksi Muih - Banteng Wulung.

0 komentar: