SAJARAH SANTIKA


SAJARAH SANTIKA


SANTIKA nyokot harti tina basa urang Sunda sapopoe, ringkesan tina : SAN = Sangkan, Ti = Tinekanan,  Ka = kasalametan.

Kasalametan ngandung harti salamet di dunya jeung di akherat. Santika hiji kumpulan kulawarga anu boga tujuan sangkan sehat jasmani jeung rohani, nyaeta ku jalan ulin anu ngandung manfaat kadirina, diajar Maen Po atawa Penca.

"Muslim anu sehat jeung kuat leuwih hade tibatan muslim anu lemah". 

Santika diadegkeun dina + taun 1927 di daerah Garut Kidul, cindekna di Pameungpeuk.

Dina raraga ngahontal tujuan tadi nyaeta kasalametan, jeung kabagjaan, loba anu perlu.dijauhan ku barudak urang sakabeh nyaeta ulah boga sifat-sifat zhalim atawa sakarep ingsun, pikiran jeung lakuna poek mongkleng buta rajen. Sifat zhalim ngandung harti : 

Zhalim = Kafir (Qs 2 : 54, 254, Qs 10 : 108; QS 29 : 49, Qs 31 : 13)
Zhalim = Kalangsu (Qs 31 : 11)
Zhalim = Mentingken kanikmatan dunya wungkul (QS 11 : 116)
Zhalim = Ngabohongkeun Alloh (Qs 2 : 229)
Zhalim = Ngarugikeun jalma anu lian (Qs 2 : 231)
Zhalim = Teu ngagunakeun hukum Alloh (QS 5 : 45)
Zhalim = Ngaheureuykeun, nyarekan lalak dasar, ngahina (Qs 49 : 17)

Contona :
  • Pagawean zhalim pernah dipigawe ku urang saperti mopohokeun parentah Alloh jeung ngalanggar larangan Alloh
  • Urang pernah zhalim kadiri sorangan, teu bisa miara jiwa jeung raga nu diamanatkeun ku Alloh
  • Urang pernah zhalim ka kulawarga, dulur, tatangga, babaturan, ka manusa umumna; khianat, fitnah, nyarekan, ngupat nganyerikeun hate jeung sajabana ti eta
  • Urang pernah zhalim ka alam sakuriling bungking anu geus mere mangfaat ka urang tapi teu bisa miarana
  • Tancebkeun dina hate aranjeun ieu papatah ti kolot teh supaya manggihan kabagjaan, sabab urang di dunya ngan ukur nyimpang sakeudeung di bumi Alloh.

Kulantaran kitu kudu jadi semah Alloh anu hade lakuna, jeung basana, sopan santun handap asor, cindekna boga budi anu luhur.

Dina nanjeurkeun budi anu luhur, sanajan hese ari di lakonan mah tangtu bisa, sabab boga padoman nyaeta kudu daek:

Peurih   : nyaeta kudu daek prihatin "kuru awak kentel peujit"
Perih     : nyaeta sanajan susah tetep kudu usaha sakuat tanaga jeung tawakal ka Alloh
Peurah  : (kecap injeuman tina oray nu boga peurah) nyaeta kudu boga elmu pangaweruh jeung pangabisa nu boga mangfaat keur diri urang jeung batur kujalan ngagunakeun akal jeung pikiran
Peruh    : nyaeta tunduk kana aturan agama, sahingga ku elmu mah dunya bisa tunduk ka (akal) manusa.

Prak dak ! geura di ajar maen po/penca sing jalujur bari teu poho kana waktu ibadah nu jadi hiji ageman. Pek sing tarik tonjokna, rikat nakisna, kewes usikna, wani maehanana.

Tarik tonjokna hartina kudu gede kahayangna
Rikat nakisna hartina kudu rikat nolak kana rupa-rupa hal anu goreng, teu cocok jeung ajaran agama atawa hate nurani
Kewes usikna hartina usik nyaeta hijrah/pindah, lain pindah tempat, kudu pindah kabiasaan. Tina males jadi getol, tina bohong kadi jujur, jalir jangji jadi tigin jangji, tina waswas jadi gilig
Wani maehanana, nyaeta kudu wani maehan hate urang kana niat jahat nyaeta; hianat, nganyeuriken hate batur, nipu, ngupat simuat, adigung adiguna asa aing uyah kidul.

Ciri Santika tangtu boga gambar jati dirina, nyaeta gambar Kujang.

Kujang teh hiji sanjata perang urang Padjadjaran (sunda). Cicingna nangtung, nyongona ka luhur anu boga harti iman jeung taqwa ka Alloh. Perahna nanceb ka handep, hartina hubungan jeung manusa sejen; nyaah ka indung bapana, dulurna, tatanggana, bangsana dalah jeung bangsa sejen.

  • Warna bodas nandakeun bersih hatena
  • Dasarna hejo ngalambangkeun sirung anu bakal jadi gomplok
  • Watesna juru opat (pasagi) nyaeta ari jadi jalma kudu masagi, akalna, loba elmuna, boga kadaek anu aya mangfaatna di dunya jeung di akherat, lakuna didasarkeun ibadah, beunghar elmu jembar panalarna jeung tunduk sieun ku nu Maha Kawasa.

Dina taun 1961 salah saurang dedengkot penca nyaeta jenengan Muhtar (Alm) kantos jadi jawara di PON 5 di Bandung. Ku gumbirana Bapa Sukeja (Alm) salah saurang tokoh silat Jabar, anjeuna maparin saran eta kujang teh ditambihan ku gambar seuneu PON pangeling-eling (jawara silat). Atuh ngaran Santika oge ditambahan Daya Setra. Daya nyaeta kakuatan, usaha. Setra nyaeta jalan anu bersih kalayan ridho ti Alloh SWT.

Samemeh prak ngalaksanakeun ieu ulin urang kudu syukuran ka Alloh sabab urang geus dibere nikmat nyaeta jadi jelma anu dibere kaimanan tur dibere rizki. Ari mangfaat syukur teh keur diri urang sorangan. Parabot syukur bisa ku lisan (ngucapkeun Alhamdulillah), bisa ku hate, bisa ku raga kalayan dipake ngalaksanakeun ibadah ka Alloh. Ngalaksanakeun syukur ku hate, contona lamun urang dibere hadiah atawa naon bae urang sok nganuhunkeun bari jeung terus inget kanu merena. Naha ari ka Alloh anu pirantos maparin rupa-rupa kanikmatan urang teu boga rasa jeung rumasa. Jadi salawasna urang eling jeung ngalaksanakeun tugas urang nyaeta khalifah di ieu bumi.  

4 komentar:

  1. Urang awak finansial luhur, urang méré kaluar injeuman ka individu di seluruh dunya, anjeun di moment ngalaman finansial di kamampuhan? Ulah anjeun kudu injeuman a? Ulah anjeun hayang ngadegkeun on Anjeun sorangan, lamun jawaban Anjeun enya ka luhur mangka anjeun ngan undak jauh ti overcoming maranéhanana hitches finansial?

    Urang méré kaluar gajian pribadi jeung bisnis individu jeung organisasi, jasa ieu bisa manteng liwat hiji periode nu ditangtukeun waktu mimitian antara periode nu ditangtukeun jeung lima taun jeung laju dipikaresep maximum 3%.

    Bageur nawaran reureuh di kontak email di handap pikeun lamun museurkeun.

    freedomfinance231@gmail.com

    Anjeun Sinareng hormat,
    Glyn Jones.

    BalasHapus
  2. ATTN

    Dupi anjeun di mana wae kasusah finansial? Anjeun butuh injeuman keur hutang
    konsolidasi, konstruksi, gajian real estate, refinancing pribadi
    atawa duit darurat dipake bisnis? Dupi anjeun a man bisnis atawa awewe
    perencanaan rék dilegakeun Anjeun bisnis, urang nawarkeun gajian sakabeh rupa. upami
    kabetot, mangga kontak urang ayeuna ngaliwatan Surélék:
    beverlyloancompany2@gmail.com

    Injeuman tawaran @ 3% Contact us ayeuna,

    1.Your Ngaran Full
    2.Country
    alamat 3.home
    4.Date of Kalahiran
    5.Sex
    6.Your pagawéan:
    7.Your Card Sah id:
    8.Telephone
    9.Your Company Alamat Surélék / Alamat Surélék Personal.
    10. injeuman Jumlah.
    11. Lilana.

    surélék urang di: beverlyloancompany2@gmail.com
    Sir.Thomas Jefferson
    CEO / Thomas Jefferson injeuman teguh

    BalasHapus
  3. Perhatian, perhatian, perhatian !!!!
    di Allah urang dipercanten
    lamun anjeun aya di merlukeun injeuman a
    ngabagéakeun ka grup masarakat Muslim (Islam harta injeuman)
    Urang nawarkeun sagala rupa gajian jasa, aman jeung unsecured minuhan tungtutan luhur dana jeung finansial diperlukeun ku masarakat umum. Di handap injeuman jeung laju dipikaresep 2% anu teu bisa ngaleuwihan periode 20 taun periode repayment.

    Naha anjeun kudu injeuman atawa pembiayaan pikeun alesan nu mana wae, saperti:

    > Personal injeuman, ékspansi Bisnis,
    > Pikeun bubuka bisnis, atikan,
    > Debt konsolidasi,
    > Bantuan finansial
    > E.t.c. injeuman Kaséhatan

    Contact us ayeuna via email: islamicloantreasure@gmail.com

    BalasHapus
  4. ATTN

    Dupi anjeun di mana wae kasusah finansial? Anjeun butuh injeuman keur hutang
    konsolidasi, konstruksi, gajian real estate, refinancing pribadi
    atawa duit darurat dipake bisnis? Dupi anjeun a man bisnis atawa awewe
    perencanaan rék dilegakeun Anjeun bisnis, urang nawarkeun gajian sakabeh rupa. upami
    kabetot, mangga kontak urang ayeuna ngaliwatan Surélék:
    (Beverlyloancompany2@gmail.com)

    Injeuman tawaran @ 3% Contact us ayeuna,

    1.Your Ngaran Full
    2.Country
    alamat 3.home
    4.Date of Kalahiran
    5.Sex
    6.Your pagawéan:
    7.Your Card Sah id:
    8.Telephone
    9.Your Company Alamat Surélék / Alamat Surélék Personal.
    10. injeuman Jumlah.
    11. Lilana.

    surélék urang di: (beverlyloancompany2@gmail.com)
    Sir.Thomas Jefferson
    CEO / Thomas Jefferson injeuman teguh

    BalasHapus